Hésé gumbira Sareung Rencangan [best friend]

Sabtu, 30 April 2011 6 komentar
Rerencangan nyaeta salah sahiji elemen *api, air, tanah, udara* (kos film avatar wae) nu penting di kahirupan urang sadaya. hésé gumbira Sareung Rencangan emang hese, naon beut nu hese? nyaeta hese siling sreuk (lain ngingsreuk leho dina irung), siling percaya komo deui mun eta rencangan tos di anggap (mun ceuk basa gahoelna mah) Best Friend ku urang atanapi malah khianat, beuh eta nyeuri hatena alabatan di iris ku bedog palastik (atuh moal karasa nyeuri)..

Rencangan kumaha nu kudu dijadikeun Best Friend teh?
- rencangan nu aya di basa urang keur bungah tapi eweuh mun urang keur kaayaan hese.
- rencangan nu daek mantuan mun urang keur boga tapi ninggalkeun mun urang keur teu boga.
nah, eta diluhur teh kaasup kana rencangan nu cuma manfaatkeun urang wungkul, tong daek dimanfaatkeun mun teu aya manfaatna ka anjeun nyalira mah. Rencangan nu kudu dijadikeun Best Friend teh nyaeta rencangan nu tiasa narima urang naon ayana, sanes ayana naon wae?

Isuk-isuk keur kuring masih tepar sare keneh aya saurang awewe geulis tapi kérod (nini kuring) ngahudangkeun  kuring keur sare, beut alatan kuring keur sare tibra eta si nini ngabanjur kuring pake cai, banjur deui pake minyak tanah teuras di beuleum ku korek seuneu (tragis kajadiana) sampe-sampe nini kuring asup kana koran "Saurang nini-nini ulinan korek seuneu".

Tujuan si nini teh rek nitah kuring mantuan si aki ngala keusik, *kusrek-kusrek* teu lila hade aya baturan urang nu daek mantuan ngalaan keusik (hade ge lah teu cape teuing jadina). tos beres mantuan, kuring duaan di pasihan artos, lumayan lah daripada lumanyun pikeun ngabaso samangkok duaan abeh ka tingalina So Sweet, hehehehe...langsung ka TKP gan!
"whuusshh" nyampe tah ka TKP, pas bade mesen baso rerencangan abdi ngararampa biritna.

"kunaon maneh jang? arateul birit lain?" saur abdi .

"sanes san, iyeu calana tukang urang bolong, titatadi teh ngarasa mani tiis amat asaan teh, ekh padahal mah bolong molongpong", ceuk rencangan abdi.

"teuing lah abeh ge supados aya fentilasi udara", sambeur kuring sabari hayang seuri.

sadaya anu didinya nyengseurikeun, amprok-amprok, suit-suit, sampe aya nu ngagorowok histeris
"JB Ai lap Yuuuuu!", ka urang duaan, ekh ka urang wungkul deuih., atuh weh urang duaan kos Artis wae. sabari kuisin urang duaan mesen! 5 menit sateurasna aya istri  lewat (anak GaHoEl gEtHoo)  sigana mah bade meser baso oge, sajongjonan maranéhanana ningalikeun urang duaan, teuteurang tah kunaon meureun dina jero hatena nyarios "aya Morgan sareung Rafael Sm*sh nuju ngabaso, kaseeeeppna!"

Hawa ku PD rancangan abdi nyampeurkeun ka eta istri.

"Punten neng, gaduh obeng teu?", gombalan rencangan abdi ka eta istri.

"Obeng? EmAnG GuE mOnTiR apA?", jawab si istri bari nada ngomongna Sinis + Alay.

"owh kitu!, mun nomor hape mah gaduh mereun?", beuki ngaleyeud ata rencangan abdi.

"ApaN SicH EloH! SkSd Amat, wuussh wuuusshh...JaUh sAnnA uDah deUkil, kucEul, idUp Lagi! Ga leVel", carios eta istri bari tambah Sinis + Alay.

Cicing kos patung, isin, bari teu puguh jiwa (frustasi) nu keur dialami rencangan abdi waktos ngadangu eta istri ngoceh-ngoceh. Kayaan jeumpe datang saurang superhero ka TKP nyaeta abdi.

"Puntennya neng geulis, neng teh atos uih sakola atawa atos macul disawah?", tanya abdi bari ngaledek!.

"Emmh, mAunYa?", singkat, padat, jelas jawaban si istri.

"Atos maculnya? eta sapatuna ko ledug ku belok teu anggo kaos kaki deuih, teu mungkin meureun mun atos sakola mah! tapi ko anggo saragam sakola?", laun carios abdi tapi nusuk kana hate.

Cicing leuwih kos patung, isin alabatan isin jeung leuwih frustasi (kata-katanya terlalu dibuat-buat) eta si istri, seuri bari bungah eta rencangan abdi saentos ngadangu abdi nyarios kitu...

Tah eta tadi carita sim kuring sareung Best Friend kuring, nu disebut Best Friend teh nu siling ngangkat darajat rencanganna.....
Teuras Maca - Hésé gumbira Sareung Rencangan [best friend]

Ngeunaan Abdi

Minggu, 13 Februari 2011 2 komentar
Nami Abdi Ikhsan Alif Rusmana seuring disaur Ikhsan, iyeu Postingan bubuka abdi, pikeun postingan saterasna abdi bade mostingkeun nu nyangkut kana kasapoean abdi nyalira, bade nuju seudih, bungah atawa nuju teu puguh hate. hehehehe
Salam Wawuh.......
Teuras Maca - Ngeunaan Abdi